In Belajar Sunda

Biantara

Biantara the lain ngan sakadar nepikeun omongan hareupeun balarea. Malah teu sakabeh jalma bisa biantara kalawan hade. Eta the lantaran biantara mikabutuh kaparigelan. Cindekna aya senina. Munasabah mun di batur mah biantara the sok di sebut “art of speech” atawa seni nyarita.

Nyamkem struktur biantara  
Biantara teh umumna mah diomongkeun (dilisankeun). Tapi ata oge anu ditulis tuluy di baca keun. Boh anu ditulis boh anu dilisankeun, runtuyan babagianana mah sarua bae, nya eta aya bubuka,eusi,jeung aya bagian panutupna.
 
Salam Pamuka
Assalamu’alaikum Wr.Wb
Mukadimah
Sadaya puji kagungan Alloh anu mubreng alam. Solawat sareng salam mugi dilimpahkeun ka junjungan urang sadaya, Nabi Muhammad Saw.
Ngahaturkeun Pawilujeungan ka nu Hadir
Ibu sareng Bapa hormateun simkuring
Eusi Biantara 
Dinten ieu the kalintang bagjana kanggo simkuring sadaya. Oge janten dinten anu kalintang pikasediheunana. Bagja wireh simkuring sadaya tiasa lulus, sedih da apan simkuring sadaya kedah ngarantunkeun ieu sakola, oge ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru….Jst
 
Sanduk-sanduk menta di hampura jeung nepikeun du’a wilujeng kantun Ibu. Wilujeung kantun Bapa… mung du’a anu ku simkuring di teda sareng di hapunten anu kasuhun mugi gusti nangtayungan. 

Salam Panutup
Wassalamu’alaikum Wr.Wb

Related Articles

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.